Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Rabu, 07 Februari 2018
Yasana: Kidangtlangkas.

Teuteundeunan ti Pangeran
Nu eusina ditujulkeun
Ka mahluk anu akalan
Akal taya kacacadan

Ku pamilih na sorangan
Pamilih nu ngahajakeun
Gunana pimaslahateun
Dunya jeung ka akheratan

Maslahat nu ka hijina
Ngaluruskeun aqidahna
Nya datang ajaranana
Elmu Aqoid ngaranna

Maslahat nu ka duana
Mereskeun cara baktina
Pribadi Ka Pangeranna
Rub'ul Ubudiah ngaranna

Maslahat nu ka tiluna
Ngajakan saluranana
Uteuk reujeung pamikirna
Malar sampurna akalna

Dilarang nginum mabokna
Atawa nyeuseup mabokna
Bisi lieur keur uteukna
Atawa lemah uteukna

Dipahing adu-aduan
Da matak panas pikiran
Matak panik kana angen
Antukna jadi seniwen

Maslahat nu ka opatna
Ngaping pausahana
Malar hasil jeung beresna
Henteu nyekek ka baturna

Teu meunang siligorengkeun
Atawa silihrugikeun
Maka haram panipuan
Tawa haram sistim ijon

Mumbul Rub'ul Muamalat
Mun dirempak matak lepat
Kana haram tisoledat
Jalan ekonomi ngaut

Lima ngajaga turunan
Ngukuhkeun ka pamilian
Jeung sina puguh rundayan
Asasi kamanusaan

Datang hukum pertikahan
Datang haram perzinahan
Nafaqoh kulawargaan
Ngahurmat ka saluhureun

Maslahat nu ka genepna
Jaga kana hak milikna
Haram maling jeung bangsana
Mangka datang jinayatna

Maslahat nu ka tujuhna
Jaga kahurmatanana
Haram ngupat jeung bangsana
Atawa nuding zinahna

Maslahat ka dalapanna
Ngajaga awak-badanna
Haram keur ngaguna-guna
Kana badan manusana.

#Syairan_Kidangtlangkas.