Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Selasa, 25 Juli 2017
Yasa: Safinatun Naja

Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang-peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh

Nincak jaman matak waas
Dua rébu tujuh belas
Dunya ku jalma dihias
Gedong sigrong beuki nyacas

Pangaruhna kana tanda
Tanda kiamat ngaranna
Jalma teu sieun ku dosa
Lampah maksiat resepna

Buligir gé henteu paur
Némbongkeun orat ka batur
Di kota pindah ka lembur
Parawan jadi ngalacur

Gedong hotél perkantoran
Paalus-alus wangunan
Banda dijieun hiburan
Zakat mah teu difitrahan

Boga banda loba numpuk
Ladang nipuan padumuk
Najan haram ogé ngeduk
Pokna kuring kari diuk

Teu inget bakal rék maot
Doraka iman pék lésot
Teu budak atawa kolot
Azroil mah tetep nyokot

Karasa ningang di kubur
Hanjakal basa di lembur
Teu ngalobakeun tafakur
Tanggung akibatna genjur

Moal aya nu nulungan
Iwal iman nu sorangan
Matak ulah kajongjonan
Ulah ngawaro ka sétan.

#Sajawa_Syairan_Vina.
Jumat, 21 Juli 2017
Yasana: Arrsyii Imam Ghifarie

Ku solawat dikawitan
Abdi ngadamel syairan
Étang-étang ngahiburan
Sakantenan mépélingan

Pasosoré sing talongkrong
Lohor waktu mah nyangkolong
Ari peuting tudang-todong
Isuk saré kawas kalong

Nalongkrong di hiji warung
Jeung batur bari ngariung
Katingal patinggumulung
Nya kitu ngadon baringung

Ceuk urang mah sing rumasa
Hirup téh puguh teu boga
Lagana kos jalma kaya
Padahal dompétna rata

Jajan gé ménta ka kolot
Méntana sentak polotot
Kadang lamun eukeur angot
Acis kolot kot dicokot

Leuheung lamun boga gawé
Da pokna gawé mah capé
Padahal atuh ngaku wé
Manéh géngsi ku awéwé

Ku pédah gawéna macul
Atanapi kuli panggul
Kapan moal matak bisul
Tamba cicing acisna ngumpul

Kalakuan lalaki mah
Tara sok betah di imah
Komo dititah ka sawah
Némbalanna wararegah

Ari acis hayang aya
Nu ngalanna indung bapa
Jalma téh euweuh kaéra
Ka kolot bet punta-pénta

Istrina gé teu ngartikeun
Ceuk urang mah jarurungkeun
Lalaki pasti nurutkeun
Lamun teu nurut pegatkeun

Ari urang mah sukuran
Muji sukur ka Pangéran
Gawé mah ulah géngsian
Sanajan kuli bangunan

#Sajawa_Syairan_ImamGhifarie.


Selasa, 18 Juli 2017
Yasana: Arief Moch Moelya

Nyanding asih dina ati
Condongna ka hiji istri
Nu geulis kawanti-wanti
Soléhah tur pinter ngaji

Hadé rupa alus basa
Marahmay manis rarayna
Ngahudangkeun ieu rasa
Rasa asih nu karasa

Teu bisa dipapalérkeun
Banget hésé dicageurkeun
Rasa anu dirasakeun
Teu tiasa disumputkeun

Rasa asih sareng cinta
Nu karaos dina dada
Condong ukur ka anjeunna
Nu janten panutan rasa

Kalintang pisan bingahna
Lamun bisa jeung anjeunna
Kantenan mun dugi jaga
Ngabinakeun rumahtangga

Éta nu janten harepan
Anu tos janten impian
Dina manah hoyong pisan
Jeung anjeunna babarengan.

#Sajawa_Syairan_AMM.
Senin, 17 Juli 2017
Yasana: Amélya Nur Fitri

Munggaran anjeun pujaan
Kiwari mah janten mantan
Sabab anjeun nu mutuskeun
Hubungan rék dibubarkeun

Tapi jujur tina ati
Sim abdi can bisa nampi
Kaputusan ti salira
Megatkeun tali kacinta

Tapi najan teu ngajadi
Urang teu bisa ngahiji
Bayang anu sok ngahadang
Tapak cinta henteu ilang

Masih aya tapak cinta
Nu ngagurat dina rasa
Masih dina jero dada
Tapak cinta ti manéhna

Hésé pisan rék narima
Datang cinta nu lianna
Ku pédah kabayang waé
Anjeunna masih na haté

Kabayang imut rarayna
Kukupingeun na sorana
Ngolébat waé teuteupna
Seurina reujeung baeudna.

#Sajawa_Syairan_ANF.