Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 30 September 2022

Laisali rohatun wala syifaun
Min tsaqo min ila biwaslil habibi
Laisali rohatun wala syifaun
Min tsaqo min ila biwaslil habibi

Taya kasenangan nu baris ngubaran
Anging patepang sareng anjeun pujaan
Sabab anjeun téh paranti ngiuhan
Dina sagalaning rupa karinduan

Héy angin nu ngahiliwir pangdugikeun
Salam abdi ka anjeunna talatahkeun
Carioskeun abdi cinta ka anjeunna
Jeung aya kembang katresna dina jiwa

Ombak anu tingjelegur di lautan
Nabrak kana karang di sisi lautan
Jeung gunung nu dilimpudan ku salju
Jadi saksi rindu abdi nu mahabu

Dina tengahing wengi meujeuhna sepi
Bari disaksian ku bulan sapasi
Dikiceupan ku remyang-remyangna béntang
Cahyana surem henteu pati caang

Mung sakitu abdi keur ngumbar lamunan
Jeung sawangan anu éndah kaalaman
Waktos duaan masih keur lalayaran
Sagalaning katresna kacintaan

Lalayaran dina sagalaning cinta
Anu éndah lain sulap lain béja
Sora cihcir ti peuting nu mawa getir
Kana diri abdi anu matak getir

Aya sora gaang semu ngawawaér
Bet ngahudangkeun kana haté kagéhgér
Sora jangkrik siga anu milu ceurik
Kana haté nu pinuh ku rasa ngerik

Bulan caang siga anu milu melang
Melang ka hiji bujang anu paanggang
Narik émutan tina kahariwang
Mugi rahayu keur béja nu datang 

Anu tebih ti sim abdi héy panutan
Nanging salira tetep sobar ngantosan
Ngantos takdir nu lungsur ti Pangéran
Malah mandar laksana tinekanan

Dina waktos siang sok kagugunamkeun
Kitu deui mun wengi sok kaimpikeun
Nanging wayahna urang téh masing sobar
Sing émut kana qodo sinareng qodar

Ya Alloh pasihan abdi pitulung
Pikeun nandangan kisah nu gumulung
Di mana siang meujeuhna hurung nangtung
Paparin jalan sangkan teu kasarung

Cita-cita abdi sangkan laksana
Duaan calik dina singgasana
Harepan sim abdi bakal sampurna
Ku pangdu'a abdi sareng salira

Karya: Fahmy Sya'idan

Sadayana puji kagungan Illahi
Anu muhal seda tina purwadaksi
Pangéran sakabéh alam nu maranti
Nyanggakeun puji lisan tur sanubari

Mangsa siang caang padang narawangan
Nyambuang haleuang ku serat nadhoman
Malah mandar laksana jeung tinekanan
Maksad tina nyutat riwayat laratan

Mangsa bungah teu aya deui kajaba
Mayunan sasih tanda dipedalkeunna
Robi'ul awal wengi Senén saksina
Sumpingna jungjunan umat sadayana

Lembur matuh banjar karang pamidangan
Nyaéta Mekah tempat cukang lantaran
Medal Baginda Rosulullah jungjunan
Na mangsana seueur pisan kaanéhan

Hideungna méga lir nu patukangtonggong
Bray caang dugi ka sagala katémbong
Hayawan keur milu bungah silih pelong
Jeung katara ruksakna kabéh tapékong

Baginda Nabi Muhammad kakasihna
Ti Bani Hasyim nu katelah mulyana
Sayyid Abdullah anu janten ramana
Jeung Siti Aminah nu janten ibuna

Ari Rosul dina mangsa kakandungan
Dikantun ramana waktu genep bulan
Malah sapalih ulama misauran
Yuswa genep taun, ibuna nyusulan

Yuswa anomna janten pahatu lalis
Dikantun ibu-rama teu janten inggis
Horéng éta tos janten titis tinulis
Ti Gusti Alloh anu baris ngawaris

Maparinan kana tanda kanabian
Diangkatna janten Rosul akhir jaman
Waktos diangkat janten Rosul khotaman
Mangsa yuswana opat puluh taunan

Ari nu janten eusi caritaanna
Waktos Rosul sumping ka guha nyalira
Dicalukan ku sora teu aya rupa
Muringkak teras nyusul ka garwana

Sumping ka Siti Khodijah nepangan
Ngarenghap sekedap ras diharuduman
Nyarita yén kami utusan Pangéran
Siti Khodijah percaya teras iman

Mangrupa tugas pikeun Rosul sumebar
Umajak ka kaum nu kacida sasar
Nanging dakwah mimitina ngadumasar
Nyumput buni jeung sohabat Abu Bakar

Saparantos lami wantun di nu caang
Ngadakwahkeun Islam teu aya kamelang
Rosul ditampik, dihina, teras perang
Kapan aya Umar nu ahli pakarang

Dugi ka sumebarna agama Islam
Ku bajoang, kasobaran, sarta dawam
Nanjeurkeun agama teu geumpeur jeung hamham
Jalaran tumut ka Gusti mun dicaram

Masieup tur sarasi pikeun jungjunan
Jalmi nu pangmulyana tur hébat pisan
Hiji nonoman nu teu aya bandingan
Akhlak, weruh, sarta tina kasobaran

Baginda Nabi Muhammad anu punjul
Nu luhung lain harkat martabat wungkul
Nanging dina akhlak-akhlakna téh unggul
Keur nyaruaan éta dialak paul

Upama dijejelé tara gumedé
Henteu ngawaler ku sifat ngalélécé
Kantenan dugi ka wantun ngamomoré
Rosul mah sobar teras ngadu'a baé

Nyaahan ka fakir miskin tur ka yatim
Najan ka musuh Rosul mah tara lalim
Mulya sakujur badan jisim tur jirim
Tah kaagungan turunan Bani Hasyim

Kapan Rosul mah tara angob kajurung
Henteu kulem haténa najan salangkung
Méga di awang-awang janten tangtayung
Duh Rosul mah jalmi mulya sarta luhung

Nyaahna Rosul ka sadayana umat
Sakumaha Rosul nyaah ka sohabat
Dugi ka jaga mangsana di akhérat
Rosul unjukan keur maparin syafaat

Ya Rosululloh Nabi Salam Alaika
Nyanggakeun sholawat mugi kapercaya
Ya Rosululloh Nabi Salam Alaika
Ieu nadhoman mugia katarima

Mudah-mudahan urang tiasa nyandak
Kana hikmah lalakon Rosul nu nyampak
Nyanding pahala tur tiasa umajak
Maos nadhoman nu bakal jadi matak

Karya: Fahmy Sya'idan

Tepang dina syairan nu diseratan
Najan teu sampurna pikeun ngarandapan
Mangka ieu sapucuk serat munggaran
Nyanggakeun jeung mugia kamanfaatan

Jalma kasipatan ku tara rumasa
Kana sagala nu geus dipilampahna
Teu paduli najan migawé sulaya
Nepikeun kacampur jeung aral subaha

Ti barang gubragna nepi ka mukallap
Jalma henteu leupas tina sipat hilap
Tina lakulampah jeung sagala ucap
Salah jeung doraka siga nu geus nerap

Apan éta mangrupa sipat adami
Nu ditampi sangkan urang ati-ati
Di mana rék milampah perkara pasti
Kudu akur jeung patokan sing taliti

Ulah nepi ka milampah sagawayah
Kapahung ngagugu napsu jeung amarah
Pan éta kacida pinuh ku cawokah
Hirup diatur napsu éta téh salah

Mangka aya dina paribasa ogé
Di mana mun melak hadé jadi hadé
Tah kitu ka hidep ulah sok talangké
Hirup genah lamun urang sok tanwandé

Najan migawé hadé henteu babari
Loba pisan gogoda nu nyiliwuri
Nanging ulah nepikeun poho jeung lali
Kana bendu mun teu ngawaro ka Gusti

Pan hirup mah geus aya dina aturan
Mangka cenah ulah ngawaro ka sétan
Milampah ibadah éta téh tujuan
Keur di dunya nu jadi pangumbaraan

Malah jelas pisan ku dawuhan Rosul
Yén hirup nu manfaat éta téh punjul
Poma ulah boga sipat loba wadul
Ngaku ibadah padahal huleng jentul

Sing inget di akhérat bakal ditimbang
Sakumna amal anu eukeur disorang
Salamet urang bakal meunang kasenang
Ladang gawé goréng kapaksa dibuang

Puguh ari milampah ibadah sholat
Geus jadi syaréat pikeun kabéh umat
Di mana lamun aya jalma teu to'at
Wayahna tobat bisi kaburu kiamat

Nya kitu lamun datang waktuna ngaji
Kudu macakal lantip tur sing taliti
Tong tepi ka nyapirakeun ka kyai
Nu ngawulang, pék sing adab sangkan ngarti

Mangsa tholab élmu poma tong takabur
Lungguh payuneun guru sing loba paur
Témbongkeun hurmat percaya kudu akur
Ajrih kana élmu-élmuna nu luhur

Jeung deui ka sadayana sing hariwang
Ka sepuh ulah wani sentak gantawang
Komo lamun anak geus wantun miwarang
Duh Gusti éta téh kacida teu meunang

Tah kitu ari nyanghareupan lalakon
Kudu imbang jeung tong ngarempak tetekon
Pan ku Gusti gé dipaparin papagon
Sangkan hirup bener sareng henteu jongjon

Ka sadaya nu maca ieu syairna
Muga-muga ku Gusti Alloh dibuka
Lawang rohmat nu manjing ka sadayana
Nempatkeun kana jalan nu dipikersa

Sareng muga-muga teras ditebihan
Tina kalepatan sipat kakufuran
Tah sakieu piwejang liwat nadhoman
Nyanggakeun ka sadayana ikhwan-ikhwan

Ieu mangrupa serat syair pépéling
Ti abdi nu bodo sugan jadi penting
Paranti panggeuing tur jadi babanding
Kana lakulampah waktos nu rék sumping

Sakieu serat nu janten panungtungan
Manan kaluman mending ngahiriringan
Bral geura cekap tamatan heula anan
Sugan-sugan ka payun nyusul terasan
Karya: Fahmy Sya'idan

Dikawitan ku Bismillah
Nadhom Sunda muga berkah
Munggaran urang palapah
Sholawat sugan ijabah

Ninggang mangsa nu sampurna
Awak mah ngaragap taya
Mana dulur jeung baraya
Nu mangkukna taya béja

Geuning bray mah banget suwung
Ngan ukur boéh asiwung
Tangtungan tuluy kaduhung
Teu ngalaksanakeun untung

Dawuh-Na tara sulaya
Yén hirup mah sementara
Di dunya ngarasa bagja
Akhérat sugan disiksa

Matak ulah kajongjonan
Ulah ngawaro ka sétan
Dunya mah pangumbaraan
Nya pikeun cukang lantaran

Satungtung can meunang puas
Manusa ngalabrak waas
Najan geus diawas-awas
Tapi geuning tara mawas

Hirup lénglé jeung talangké
Akhérat perkara engké
Naha mun geus jadi bangké
Kaduhung siksana gedé

Matak dulur hayu dulur
Pék hirup anjeun sing jujur
Lobakeun anjeun tafakur
Jeung sing bisa anjeun syukur

Sabab dina pangliwatan
Bakal ngajadi lantaran
Kabéh nu geus kaalaman
Jadi pananya Pangéran

Lampah bener tangtu genah
Bagja dina alam barjah
Tapi lamun salah kaprah
Siksaan bakal ijabah

Mun nempo jaman geus asing
Dunya bet téréh tiguling
Tisuksuk nya bakal pangling
Lantaran loba teu éling

Teu inget bakal rék maot
Doraka iman pék lésot
Teu ngora atawa kolot
Izroil mah tetep nyokot

Teu tolih reujeung teu kendat
Teu nyampak harkat martabat
Waktuna datang sakarat
Taya waktu keur sasambat

Matak tong sakaba-kaba
Kabawa ku rupa dunya
Nu nipu raga jeung mata
Nu mawa kana doraka

Ngagugu gaul jeung wadul
Ibadah carang jeung kedul
Leupas nyawa pasti suul
Matak anjeun masing punjul

Tapi lamun urang pengkuh
Kana iman tangtu weruh
Malah ngajadi pituduh
Jeung taya bancang pakéwuh

Mangka hirup masing junun
Getol nyuhun ampun-ampun
Paralun jeung nuhun-nuhun
Ka nu gaduh Kun Fayakun

Kitu nadhom mugi tetep
Panggeuing tur henteu ngantep
Sanajan kecapna teu lengkep
Tapi malah mandar tegep

Karya: Fahmy Sya'idan


Ringkesna ieu nadhoman

Carita lampah sorangan

Sapanjang jalan ngalaman

Pait peuheur kahirupan


Bismillah mimiti muji

Ka Gusti Robbul Izzati

Nu maparin rizki pasti

Ti kawit jaman Azali


Mangka mimiti ditulis

Ieu syair tanda tawis

Ti abdi anu kawaris

Sapait tur samamanis


Ieu téh mangrupa jalan

Jalan tina kacintaan

Kasedih jeung kabungahan

Geus jadi hiji patokan


Najan katalimbeng rasa

Nu mawa kana sangsara

Tapi teu aral subaha

Komo tepi ngadodoja


Gagal cinta geus ngalaman

Ku sabab disulayaan

Tapi éta pangalaman

Nu nganteur kadéwasaan


Mangsa bungah ogé pernah

Ngarasa genah tur betah

Tapi teu lami gé robah

Sabab syukurna gé salah


Kahiji gagalna cinta

Sabab tina ngarasula

Nurutkeun napsu akhirna

Jauh tina keur rumasa


Cenah keur mulus rahayu

Nepi ka poho ka waktu

Padahal beunang karayu

Nu nyuksruk kana bebendu


Karasa-karasa pisan

Peurihna disulayaan

Nya ka mana pamuntangan

Lamun lain ka Pangéran


Lain rék nyalahkeun batur

Kanyeri nu geus pacampur

Ieu téh sugan ditegur

Ku Nu Ngatur sabab paur


Jeung ieu samata-mata

Palajaran sangkan bisa

Ngatur kahirupan cinta

Dina tiap-tiap mangsa


Jalanna éta ku sabar

Nandangan nu tos gumelar

Kanyeri éta ilahar

Jeung jadi bahan diajar


Diajar nampi kanyeri

Sangkan bisa ngaji diri

Yén bagja bakal kaciri

Lamun urang ati-ati


Saléngkah bakal ditunjuk

Sakeupeul bakal dicaluk

Éta mangrupa piwuruk

Micinta nepi ka taluk


Jalaran ari lampah mah

Kumaha anu ngalaman

Di mana méré kabungah

Bakal meunang kabagjaan


Ngaranna ogé manusa

Teu leupas tina gogoda

Salahna éta biasa

Benerna ogé sarua


Tah geuning mun nafakuran

Tina jalan caritaan

Kabéh ogé palajaran

Keur kana kadéwasaan


Kadua nampa kabungah

Nu ceuyah dina milampah

Sanggeus nampa katugenah

Senang ngawit sumarambah


Nu ngeusi lalangit ati

Kiwari nyampak kaciri

Mawa cinta nu sajati

Mugia bisa ngahiji


Muka lawang nu sampurna

Muka lolongkrang ayeuna

Cohagna ngajalin cinta

Mugia geura laksana


Ngalaksanakeun kahayang

Nu baheula kungsi ilang

Di mana urang bajoang

Nata hirup susah-senang


Geuning ieu buah sabar

Dina nampa ieu qodar

Kanyeri bakal disinglar

Kabungah bakal sumebar


Nun Gusti panuhun ampun

Tina jalan tos ditungtun

Mugia abdi sing purun

Nandangan kisah ka payun