Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Kamis, 25 Januari 2018
Yasana: Mama KH. Khoer Afandi.

Syahadat dua bagian
Kahiji Syahadat Syar’an
Kadua Syahadat Munjin
Kade kudu telik pisan

Ta’rifna Syahadat Syar’an
Kadar-kadar nu ngucapkeun
Kalimah Syahadataen
Henteu nilik patekadan

Mangpaat Syahadat Syar’an
Bisa disebut mu’minin
Mungguh hukum kadunyaan
Kaya halal peupeuncitan

Halal ditikahkeunana
Ka jalma anu Islamna
Jeung halal nampa warisna
Ti jalma anu Islamna

Ari mungguhing Allahna
Jeung mungguhing akheratna
Kudu terus jeung Munjinna
Engke penjelasanana

Kanjeng Nabi tos nyaurkeun
Anjeun kudu ngahukuman
Ku dohirna caritaan
Jeung dohirna kalakuan

Jeung teu kudu ngahukuman
Nu dina hate disimpen
Da taya nu uningaeun
Salian ti Dzat Pangeran

Lamun dohir kalakuan
Atawa dzohir ucapan
Aya anu ngabatalkeun
Nu disebut pamurtadan

Batal Syahadat Syar’anna
Sanajan ngucapkeunana
Kana kecap syahadatna
Laku ucap nu murtadna

Kaya asup ka gareja
Dibarengan ku ngahaja
Atawa nyembah berhala
Kaya patung nu baheula

Ta’rifna syahadat munjin
Eta jalma nu ngucapkeun
Kalimah Syahadataen
Dibarengan patekadan

Tekad anu ma’rifatna
Jeung tekad anu tashdeqna
Netepan kana syaratna
Ma’rifat reujeung tashdeqna

Ari syarat ma’rifatna
Kudu kumpul nu opatna
Kahiji tekad jazimna
Patekadan nu yakinna

Lain tekad nu raguna
Atawa dugaanana
Anu teu aya mang-mangna
Tapi gilig jeung yakinna

Ari syarat kaduana
Teu keuna owah gingsirna
Moal barobah tekadna
Hingga dugi ka maotna

Lamun nekadkeun ayeuna
Sabot usum jeung baturna
Jaga  kumaha engkena
Mumkin tekad rek robahna

Kafirna teh ti ayeuna
Da arek owah gingsirna
Henteu jadi ma’rifatna
Mungguhing Gusti Allahna

Syarat anu katiluna
Anu ditekadkeunana
Kudu akur jeung buktina
Henteu nyalahan sifatna

Sifat ceuk shli sunnahna
Nu aya Qur'an hadistna
Teu salah metakeunana
Akur reujeung ‘Aqo’idna

Margi kitu diwajibkeun
Nu hayang Syahadat Munjin
Nyahona ‘Aqo’id Iman
Bisi ‘Aqo’id nyalahan

Lamun jazim jeung teqadna
Yen Allah Pangeranana
Yen Muhammad teh rusulna
Ngan teu akur jeung buktina

Allah nu nyurup na badan
Bumi langit panyurupan
Di dinya Allah nyicingan
Atawana dihijikeun

Eta tekad nyulayaan
Reujeung buktina Pangeran
Da Allah henteu butuheun
Kana tempat pingancikeun

Nu kitu salah tekadna
Henteu akur jeung buktina
Henteu sah Iman-Islamna
Mungguhing Gusti Allahna

Syarat anu kaopatna
Kudu terang na dalilna
Anu teu terang dalilna
Eta teu sah ma’rifatna

Ari ceuk Ibnu ‘Arobiy
Jeung pendapat Syeh Sanusi
Anapon ceuk Syeh Dasuki
Taya dalil Ma’rifat jadi

Dalil kadar kawajiban
Lain syarat kama’rifatan
Pikeun jalma nu kadugaeun
Kana dalilna mikirkeun

Kadua Syahadat Munjin
Kudu tashdeq nu ngucapkeun
Tashdeq aya dua rukun
Kahiji rukun Idz Dzi’an

Idz Dzi’an eta ngakukeun
Ka Allah kuring mangeran
Ku Muhammad dinabian
Nabi anu ahir jaman

Rukun tashdeq kaduana
Nyaeta kudu Qobulna
Narima ajaranana
Ti Allah jeung ti Rusul-Na,

Mun can bisa ngalakonan
Tapi hate mah nampanan
Rumaos kalelepatan
Eta qobul sahna Iman.

#Sajawa_Syairan.

0 koméntar: