Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Rabu, 02 Agustus 2017
Yasana: Luqman Al Hakim

Bapa teu kudu ditanya
Apal kumaha budakna
Komo teuing ka salira
Jiga rada anu béda

Nu bapa dipikanyaho
Hidep budak nu bacéo
Sugan wé isuk pagéto
Silaing ahli pidato

Bapa mah jalma teu bisa
Ngan ukur rék méré béja
Mun ngomong kudu jeung enya
Ulah ditambah ku dusta

Jeung lamun hidep geus apal
Terapkeun élmu ku amal
Lain jadi bahan némbal
Pikeun ruang loba ngakal

Jeung ulah ngundang pidebat
Ka batur komo ka sobat
Da moal ngajadi hébat
Nu aya jadi pamegat

Talatah bapa katampi
Janten émutan sim abdi
Pikeun léngkahing kiwari
Rada paur ati-ati

Talatah anu ti bapa
Nu tangtos ngajanten du'a
Mung kuring nu loba dosa
Nyatana teu nepi dinya

Kolot anu omat-omat
Ngarep budak bisa hanjat
Lain hanjat cilingcingcat
Mung kudu ngangkat darajat

Kuring pinuh kakurangan
Taya daya kakiatan
Anging Gusti Sang Pangéran
Anu agung anu héman.

#Sajawa_Syairan_LAH.
Selasa, 01 Agustus 2017
Yasana: Kidangtlangkas

Hé dulur nu saagami
Husus ka kaum adami
Saurna ri poligami
Éta anjuran ti nabi

Mung cobi urang tengetan
Anu janten paniatan
Naha ngiring pasunahan
Atanapi napsu sétan

Lamun seug ditafakuran
Poligami teu nyalahan
Mung niat jeung patékadan
Teu nyumpon jeung pasunahan

Margi sarat poligami
Adil éta anu pasti
Ulah dugi nganyenyeri
Ka sadaya pihak istri

Pami tetep nganiatan
Hoyong ngalap pasunahan
Mangga tenget kawajiban
Anu kedah dicumponan

Hiji ngimahan sing pageuh
Dua ngélmuan sing keukeuh
Tilu maraban sing suebeuh
Opat makéan nu weuteuh

Meutingan dugi ka reuneuh
Éta nu janten paneuteuh
Poma ulah badé keukeuh
Hoyong nikah anu seubeh

Naha éta tos nyumponan
Nu mangrupi kawajiban
Keur pameget teu nyalahan
Sangkan janten palajaran.

#Sajawa_Syairan_Kidangtlangkas.
Yasana: Dadali Manting

Tradisi budaya nagri
Kiwari ampir pahili
Bongan saha teu dijagi
Kana papatah kamari

Lain ku ngiblatna salah
Tapi dina lakulampah
Da geuning unggal ngaléngkah
Mémper budaya Éropah

Bukti ajén nu sajati
Ditukil weléh kaciri
Nya kitu lamun kiwari
Sakumna laas kauji

Asa teuing ku teuingeun
Loba anu marareungpeun
Peun ulah dianggep kajeun
Bisi kalah pipilueun

Poma urang jeung pamuda
Tuduhkeun citrana Sunda
Mana Sunda jeung lianna
Dalah lain Malaysia.

#Sajawa_Syairan_Linting.
Ku: Mahmud

Teu karaos umur ningan
Hirup enggeus kalakonan
Poé ka Minggu ka bulan
Ka taun geus kaliwatan

Wanci nu ngiclik marengan
Kana jejer kahirupan
Léngkah mangsa nu ngéngklakan
Sagala nu karandapan

Waktu nu mangprung ku napsu
Ngahuru ngalimpud kalbu
Balangah panempo silo
Kana ugeran mah poho

Ari ras umur dirérét
Geuningan wanci samporét
Naha anteng teuteuleuman
Di sagara kanistaan

Kiwari nunggelis diri
Mipir kasisir karisi
Ngalengis merdih ka Gusti
AsihNa nu dipianti

Dosa nu kalintang réa
Abdi neda pangampura
Nyuuh kana pangsujudan
Nyegruk mundut pangampunan

#Sajawa_Syairan_Mahmud.
Yasana: Ukhty Sinjang Kayas

Cimata ngeclak teu rasa
Duh Gusti ieu kumaha
Sesah ngabangbalérkeunna
Nalangsa asa karasa

Aduh umi-aduh bapa
Milari landong ka mana
Hirup asa katunggara
Tebih ti umi jeung bapa

Hirup di pangumbaraan
Taya pisan réréncangan
Pikeun ubar panglamunan
Dina unggal kasedihan

Jauh nu janten baraya
Ukur mundut dina du'a
Haleuang tangtu nalangsa
Masrahkeun ka Nu Kawasa

Mugi sim abdi diraksa
Tina sagala cocoba
Nu teu bisa nandanganna
Timundut ka Nu Kawasa

Ya Allah Robul Izzati
Mugi diri henteu lali
Tina sadaya pangarti
Nu kungsi diatik umi

Mung tiasa ngintun du'a
Kanggo umi sareng bapa
Mugi aya pangraksana
Ti Allah Anu Kawasa

#Sajawa_Syairan_USK.
Yasana: Ummah Hasna

Salam santun parawargi
Ibu, bapa, aki, nini
Pamuda sareng pamudi
Sim kuring nyuhunkeun widi

Sareng nyuhunkeun hapunten
Maksad badé ngadéndangkeun
Sawér sok mangga regepkeun
Ku sadaya darangukeun

Sawér kanggo panganténan
Nu parantos dirapalan
Calik di payun duaan
Badé mapag sosonoan

Piwuruk nu kahijina
Kanggo pangantén istrina
Hidep mulai ti ayeuna
Janten ibu rumah tangga

Masing inget kawajiban
Anu kedah dilakonan
Nurut kana paréntahan
Carogé jadi panutan

Ku sabab ridona Gusti
Rido nu jadi salaki
Bari turut sareng pasti
Aya dina hukum Gusti

Ngan mun salaki maréntah
Aya dina jalan salah
Hukum agama gagabah
Nurutna éta mah ulah

Conto nyaram nutup orat
Jeung nyaramna kana solat
Farduna sina kaliwat
Iwal nu hukumna sunat

Upami carogé dongkap
Énggal hidep geura cengkat
Sambut carogé sing hébat
Sanajan teu nyandak berkat

Mun ningal carogé hayang
Ngajak hidep kana ranjang
Wayahna ulah ngabangkang
Najan keur teu aya uang.

#Sajawa_Syairan_UH.
Yasana: Muttaqi Al-fariq

Harkat nu moal tibelat
Lain dina pangkat ningrat
Nyingraykeun kaom rahayat
Ku jalan nu mungguh lepat

Aya hiji tatanggeuhan
Di dunya pangumbaraan
Jiwana dilampat iman
Tukang anu tuduh jalan

Najan lian kawas raja
Nanging moal jadi hina
Hakékat angger jatnika
Mulya dina mungguh Sara

Kagungan budi parangi
Ramah tamah ka sasami
Nya kitu damelna ngaji
Dina saban-saban wanci

Harkatna satungtung deuleu
Kongas jalma tingeuyeumbeu
Nompokeun caang pameunteu
Ka sakur anu ngareungeu

Saha nu dianti-anti
Ti munggaran ngedal mangsi
Kamashur aranna santri
Ahli dina widang aji

Sanajan enya ceuk warga
Santri mah purah nyawala
Bari heureuy karesepna
Da éta tamba kasiksa

Lamun diwakca balaka
Ti para-kaom-santrina
Éstu pinuh ku cocoba
Ngalap barokah Mantenna

Tapi teu jadi ékolan
Sabab ku sakadang sétan
Seja ngalap kapinteran
Tur ngabuang kabodoan.

#Sajawa_Syairan_Muttafar.
Yasana: Fahmy Sya'idan As-syarqi

Umi bapa moal belik
Ngurus kuring ti leuleutik
Najan henteu kapimilik
Bagja nanging moal nampik

Ti barang gubrag ka dunya
Kanyaah taya hinggana
Ngabengkang tadah karunya
Jangjina muhal sulaya

Aya hiji pananggeuhan
Geusan hiji kabagjaan
Nincak ngahambal-hambalan
Nyorang sabar tur cobaan

Jeun teuing awakna tompér
Tuluy ngabéla ngalélér
Nepi ka nyanghulu kalér
Kanyaahna angger gégér

Omongna kawas titipan
Teu prak harita katampan
Geuning ahir mah nungkulan
Nyukang katalangsaraan

Kaduhung mah gurunggusuh
Lamun di tungtung rumahuh
Mimiti mah lungguh timpuh
Kiwari kalampat jauh

Paésan jadi kedalan
Tempat pikeun pangbalikan
Nandangan sipatna insan
Nu pinuh kanalangsaan

Hampura saujung rambut
Rumasa hirup teu nurut
Prak datang titipan maut
Bisi aya anu nungtut

Ka sakumna lalakuan
Basa di pangumbaraan
Katohyan tukang ngalawan
Di salebak nya siksaan.

#Sajawa_Syairan_FSA .
Yasana: Raka

Nitih wanci nu mustari
Ninggang kana ieu wanci
Abdi baris ngitung diri
Anu seueur pisan lali

Hirup asa sedih ati
Ngarumasa hirup sepi
Nu suda tina pangarti
Pamohalan tingkah ngaci

Ninggang mangsa nu sampurna
Raksa diri tina dosa
Nu hirup loba terléna
Poho urusan agama

Mun ngémut jeung ditaliti
Tanggung jawab keur lalaki
Éta beurat atos pasti
Kedah ngaraksa kluargi

Sabab lalaki pingpinan
Nu kudu bisa nyontoan
Dina widang kahadéan
Nu utama nganapkahan

Mun sanés patokan Gusti
Hirup kedah lakirabi
Abdi banget pisan wedi
Sieun ku anceman Gusti

Nyata pisan keur lalaki
Anu ngantep anak istri
Teu apal kana agami
Ukur nguruskeun matéri

Sakur hirup hayang genah
Ngalap rijki anu ceuyah
Henteu nilik lakulampah
Hayang meunang mardhotilah

Sok sanajan abdi surti
Nu hirup kirang matéri
Seueur pisan ku cocobi
Nu kadang patali lali

Lamun ieu kadar diri
Nyata atos taqdir Gusti
Abdi pasti bakal nampi
Bari iklas dina ati

Mun saréat kirang kelar
Nu kurang dina ihtiar
Mugia rijki sing lancar
Seueur berkah jeung sumibar

Ieu sya'ir mépélingan
Husus keur abdi sorangan
Anu seueur kalepatan
Dina jalan kahirupan

#Sajawa_Syairan_Raka.
Yasana: Umdah Muawwanah Al-fath

Ieu hujan meni gedé
Soca asa palay saré
Émut papatah bébéné
Montong sok saré ka soré

Datang wanci haneut moyan
Soca rajeun tunduh pisan
Teu sadar sok kasaréan
Umi nakol tur nyarékan

Ciri umi karunyaeun
Da mémangna gé genaheun
Ulah sok dibiasakeun
Béjana mah sok konéngeun

Dina lawang ngadadago
Tuluy bapa ngagegero
Ulah sok diuk na panto
Béjana sok heureut jodo

Aduh aya-aya waé
Pantrangan pikeun awéwé
Papatah kudu didéngé
Ulah sok nganggap sepélé.

#Sajawa_Syairan_UMA.
Yasana: Bang Arshad Assundawi


Bismillaah janten wiwitan
Abdi ngadamel sya'iran
Ngedal kana peraosan
Anu nuju karandapan

Émut mangsa nu baheula
Waktos nuju jeung anjeunna
Istri nu geulis kacida
Anu ku abdi dicinta

Kacida pisan bingahna
Hubungan sareng anjeunna
Seueur tineungan saéna
Nu katineung salamina

Ayeuna kantun carita
Ayeuna kantun tapakna
Abdi kur bati nalangsa
Pami émut ka anjeunna

Moal bisa balik deui
Sabab tos lainna deui
Anjeuna gaduh lalaki
Abdi mah can gaduh istri

Nyeri abdi mémang nyeri
Dikantun ku éta istri
Taya béja ti mimiti
Badé miboga lalaki

Ukur bisa ngusap dada
Nyabarkeun kana waruga
Da teu bisa dikumaha
Mung pasrah ka Nu Kawasa

Pamugi ieu sim abdi
Sing kénging gentosna deui
Saurang istri sajati
Nu nyaaheun ka sim abdi.

#Sajawa_Syairan_BAS.
Yasana: Dhee Al'ihsaniyahh Ma'rifatull Aulaa

Kawit ngucap bismillahi
Puji sukur ka Ilaahi
Gusti Allah Mahasuci
Pamilik langit jeung bumi

Solawat sinareng salam
Ka Nabi Khoirilanam
Jungjunan sadaya alam
Sumber élmu tur pamaham

Duh sukur alhamdulillah
Nandakeun rasa kabingah
Ni'mat Gusti anu èndah
Ngucur mijanten anugrah

Bingah taya Papadana
Masih dina panjang yuswa
Nepangkeun deui kaula
Kana raraga nu mulya

Teu langkung sakedap deui
Tos tepung ka bulan suci
Sasih Romadhon rék dugi
Nu banget dianti-anti

Mapagkeun sasih Romadhon
Mapay ka kalér ka kulon
Ngiparat dosa kaawon
Supados Tiasa jongjon

Lahaola wala kuwwah
Réhna medal dinten munggah
Mugi Gusti nambih rohmah
Supados getol ibadah

Sabab di bulan Puasa
Meujeuhna paloba-loba
Ibadah sinareng taqwa
Pahlana dilipatganda

Sakitu nu kapihatur
Seratan nu dipitutur,
Hapunten ka dulur-dulur
Mun basana kirang mashur.

#Sajawa_Syairan_Dhee.
Yasana: El Waafie El Ainie

Duh angin nu ngahiliwir
Sampaikeun salam sim abdi
Ka anjeunna nu kapikir
Dina siang sareng wengi

Sakapeung mah sok ngahayal
Ngolébat dina lamunan
Naha sim abdi téh bakal
Jeung anjeunna babarengan

Jigana ukur hayalan
Nu tebih kana nyatana
Sabab ningal saréatan
Patebih dina pangkatna

Anjeunna putri kyai
Nu tangtu luhur élmuna
Abdi ukur putra jalmi
Anu kirang pangartina

Sakapeung mah sok ngarumas
Sumerah ka Nu Kawasa
Awak asa jadi hanas
Pami émut ka anjeunna

Da geuning aduh kumaha
Abdi teu gaduh pangarti
Niat hoyong ka anjeunna
Sareat moal ditampi.

#Sajawa_Syairan_Elwaafie.


Yasana: Ridwan Mubarokh

Duh anjeun meni teu sangka
Sikapna bet janten béda
Apa anjeun atos lupa
Kana jangji nu baheula

Saurna moal berubah
Sanajan jauh kapisah
Geuning buktina mah salah
Jangjina tinggal sajarah

Di mana atuh di mana
Rasa anjeun nu baheula
Di mana atuh di mana
Salira nu sabenerna

Gancang pisan anjeun poho
Lalakon anu baréto
Bukti jangji meni ngaco
Kedalna bet teu diwaro

Janten karasa ku abdi
Waktos ayeuna téh nyeri
Sugan anjeun henteu ngarti
Peurihna téh tuh di sini

Nanging abdi kur tiasa
Pasrah sinareng ngadu'a
Kapeurih rasa ayeuna
Sugan jaga jadi bagja

Upami kitu hoyongna
Sim abdi ukur tiasa
Miharep tangtu ngadu'a
Pamugi salira bagja.

#Sajawa_Syairan_RM.
Selasa, 25 Juli 2017
Yasa: Safinatun Naja

Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang-peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh

Nincak jaman matak waas
Dua rébu tujuh belas
Dunya ku jalma dihias
Gedong sigrong beuki nyacas

Pangaruhna kana tanda
Tanda kiamat ngaranna
Jalma teu sieun ku dosa
Lampah maksiat resepna

Buligir gé henteu paur
Némbongkeun orat ka batur
Di kota pindah ka lembur
Parawan jadi ngalacur

Gedong hotél perkantoran
Paalus-alus wangunan
Banda dijieun hiburan
Zakat mah teu difitrahan

Boga banda loba numpuk
Ladang nipuan padumuk
Najan haram ogé ngeduk
Pokna kuring kari diuk

Teu inget bakal rék maot
Doraka iman pék lésot
Teu budak atawa kolot
Azroil mah tetep nyokot

Karasa ningang di kubur
Hanjakal basa di lembur
Teu ngalobakeun tafakur
Tanggung akibatna genjur

Moal aya nu nulungan
Iwal iman nu sorangan
Matak ulah kajongjonan
Ulah ngawaro ka sétan.

#Sajawa_Syairan_Vina.
Jumat, 21 Juli 2017
Yasana: Arrsyii Imam Ghifarie

Ku solawat dikawitan
Abdi ngadamel syairan
Étang-étang ngahiburan
Sakantenan mépélingan

Pasosoré sing talongkrong
Lohor waktu mah nyangkolong
Ari peuting tudang-todong
Isuk saré kawas kalong

Nalongkrong di hiji warung
Jeung batur bari ngariung
Katingal patinggumulung
Nya kitu ngadon baringung

Ceuk urang mah sing rumasa
Hirup téh puguh teu boga
Lagana kos jalma kaya
Padahal dompétna rata

Jajan gé ménta ka kolot
Méntana sentak polotot
Kadang lamun eukeur angot
Acis kolot kot dicokot

Leuheung lamun boga gawé
Da pokna gawé mah capé
Padahal atuh ngaku wé
Manéh géngsi ku awéwé

Ku pédah gawéna macul
Atanapi kuli panggul
Kapan moal matak bisul
Tamba cicing acisna ngumpul

Kalakuan lalaki mah
Tara sok betah di imah
Komo dititah ka sawah
Némbalanna wararegah

Ari acis hayang aya
Nu ngalanna indung bapa
Jalma téh euweuh kaéra
Ka kolot bet punta-pénta

Istrina gé teu ngartikeun
Ceuk urang mah jarurungkeun
Lalaki pasti nurutkeun
Lamun teu nurut pegatkeun

Ari urang mah sukuran
Muji sukur ka Pangéran
Gawé mah ulah géngsian
Sanajan kuli bangunan

#Sajawa_Syairan_ImamGhifarie.


Selasa, 18 Juli 2017
Yasana: Arief Moch Moelya

Nyanding asih dina ati
Condongna ka hiji istri
Nu geulis kawanti-wanti
Soléhah tur pinter ngaji

Hadé rupa alus basa
Marahmay manis rarayna
Ngahudangkeun ieu rasa
Rasa asih nu karasa

Teu bisa dipapalérkeun
Banget hésé dicageurkeun
Rasa anu dirasakeun
Teu tiasa disumputkeun

Rasa asih sareng cinta
Nu karaos dina dada
Condong ukur ka anjeunna
Nu janten panutan rasa

Kalintang pisan bingahna
Lamun bisa jeung anjeunna
Kantenan mun dugi jaga
Ngabinakeun rumahtangga

Éta nu janten harepan
Anu tos janten impian
Dina manah hoyong pisan
Jeung anjeunna babarengan.

#Sajawa_Syairan_AMM.
Senin, 17 Juli 2017
Yasana: Amélya Nur Fitri

Munggaran anjeun pujaan
Kiwari mah janten mantan
Sabab anjeun nu mutuskeun
Hubungan rék dibubarkeun

Tapi jujur tina ati
Sim abdi can bisa nampi
Kaputusan ti salira
Megatkeun tali kacinta

Tapi najan teu ngajadi
Urang teu bisa ngahiji
Bayang anu sok ngahadang
Tapak cinta henteu ilang

Masih aya tapak cinta
Nu ngagurat dina rasa
Masih dina jero dada
Tapak cinta ti manéhna

Hésé pisan rék narima
Datang cinta nu lianna
Ku pédah kabayang waé
Anjeunna masih na haté

Kabayang imut rarayna
Kukupingeun na sorana
Ngolébat waé teuteupna
Seurina reujeung baeudna.

#Sajawa_Syairan_ANF.