Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Kamis, 25 Januari 2018
Yasana: Amung Aryandi Natanaragana Sunarya.

Isro Mi’roj dua kecap asalna mah
Basa Arab anu jelas hartina mah
Lafadz Isro’ eta anu kahijina
Lafadz Mi’roj eta anu kaduana

Wincikan harti dua kecap nya eta
Urang ngisahkeun kajadian baheula
Isro’ hartina lalampahan Mantenna
Dina waktu peuting eta terjadina

Lalampahan ieu dilakonan Nabi
Nab Muhammad eta kakasih Gusti
Ti Masigit Harom nu di kota Mekah
Teu sambarang tangtu atsarna barokah

Ka Baitul Maqdis nu di Palestina
Ringkesanna mah nya kitu eta buktina
Sadaya ulama sapuk ngisahkeunna
Kitu isro' teh eta leumpang hartina

Hartina Mi’roj eta naek ka luhur
Memang kitu kabeh ulama tos nyaur
Ieu mah nuduhkeun kana lampah Kangjeng
Ti Aqso ka Sidrotul Muntaha lajeng

Ngadeuheus ka Gusti Allah buktosna mah
Eta dua tingkah Kangjeng teh amanah
Amanah kapercaya memang terjadi
Angas teu percanten Mi'roj kafir asli

Dilakonan dina waktu ngan sapeuting
Dina mangsa harita keur jemplang-jempling
Kajadian lumangsung dina waktuna
Taun ka dua belas janten Rosulna

Kangjeng Nabi nalika mangsa harita
Dina kaayaan kasedih nu nyata
Kangjeng Nabi Muhammad teh dikantukeun
Ku garwana Khodijah nu dimulyakeun

Oge ku Raden Abu Tholib pamanna
Atuh malah tambih-tambih kasedihnna
Nanging Rosul sobar nu taya hinggana
Uninga cocoba ti Nu Maha Kawasa.

#Sajawa_Syairan_AANS.

0 koméntar: