Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Minggu, 28 Januari 2018
Yasana: Amung Aryandi Natanaragana Sunarya.

Kasedih Rosulna lajeng diupahan
Parentah ngadeuheus ka Hyang Maha Rohman
Ku ngalakonan Isro’ sareng Mi’rojna
Parentah ti Allah Bukti na Qur'anna

Lalakon Isro Mi'roj oleh-olehna
Nyaeta ibadah sholat nu ayeuna
Sholat mangrupakeun parentahan langsung
Nyata ti Gusti Allah Nu Maha Agung

Mimiti ibadah sholat teh kuduna
Dilaksanakeun lima puluh waktuna
Waktuna sapoe-sapeuting teu kurang
Rupina ku ayeuna pasti hareudang

Ngan dumasar piwejangna Nabi Musa
Kanjeng enggal ngadeuheus Allah Ta'ala
Pikeun ngurangan kana wilangan eta
Buktos Rosul ka umat banget ngabela

Nya antukna dugi kana lima waktu
Nepikeun ka ayeuna eta tos tangtu
Ibadah sholat teh dilaksanakeunna
Sapoe-sapeuting ngan lima Waktuna

Tah eta mangrupa hikmahna hikayat
Isro’ Mi’rojna Rosul pek geura toat
Tanpa perjuangan Rosul jeung Sohabat
Moal timu na kumaha kudu toat

Istilah jaman ayeuna mah Rajaban
Majar cenah kana gizi perbaikan
Kantenan perbaikan kana jasmani
Sabab ruhani dieusi elmu pasti

Pasti sehat jasmani saurang hamba
Ngalakonan parentah Allah Ta'ala
Usahakeun sholat tepat dina waktu
Sabab kudu kitu saur jalma timu

Sing timburu pami batur gura-giru
Kana sholat nuturkeun talajak guru
Nyanggakeun buah pikiran anu kotor
Hamba Allah elmuna masih bolongor

Seja ngapalkeun kana elmu ulama
Nata na raga ku nasehat ulama
Panungtungan sholawat miwah Salamna
Ka Rosulullah tur ka putra-putrina

Oge ka parashohabat nu bajoang
Siap mati angkat pedang siap perang
Ka Tabiin Tabiat dugi kiwari
Apalna mung papatah parakiyai.

#Sajawa_Syairan_AANS.

0 koméntar: