Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Rabu, 17 Januari 2018
Yasana: Luqman Al-Hakim

Ulah poho ulah poho
Ulah daek kadodolo
Ulah daek dibobodo
Mun kafir nyumbang sembako

Ulah tega ulah tega
Hidep ulah lalawora
Lantaran barang teu pira
Bet ngagadekeun agama

Ulah kitu ulah kitu
Jelas kami teu satuju
Justru ulah ragu-ragu
Nolak sanajan dibendu

Kudu ngartos kudu ngartos
Mun palebah usum nyoblos
Sok loba nu nyumbang artos
Milih buron balik tergos

Nagara keuna kutukan
Di mamana kahurua
Akibat kadorakaan.
Kurang rasa kaimanan

Politik jadi utama
Asal jongjon kerjasama
Pamingpin teu ngilik rupa
Jalir ka paraulama

Jalma mu'min berjamaah
Ngadu'a bari gugurah
Ngajak rahayat ibadah
Menta dicap mecah belah

Palebah majlis ulama
Netela mastikeun patwa
Ka umat sangkan ngaraksa
Nu haram ulah dicoba

Lain sukur lain bungah
Aya papatah nu ngarah
Estu nganggap mawa resah
Dasar dayus haram jadah

Al- Qur'an reujeung ulama
Ditarok dihina-hina
Ninggang mah aya nu mela
Bangsa dayus kalah nyela

Abong nagri teu kawalat
Abong gunung teu maluncrat
Abong cai teu saraat
Abong can kungsi kiamat

Etaa teh akibat salah
Milih calon pamarentah
Tungtungna bijil kasusah
Juntrung-jentreng sagawayah

#Sajawa_Syairan_LAH.

0 koméntar: