Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Selasa, 01 Agustus 2017
Yasana: Fahmy Sya'idan As-syarqi

Umi bapa moal belik
Ngurus kuring ti leuleutik
Najan henteu kapimilik
Bagja nanging moal nampik

Ti barang gubrag ka dunya
Kanyaah taya hinggana
Ngabengkang tadah karunya
Jangjina muhal sulaya

Aya hiji pananggeuhan
Geusan hiji kabagjaan
Nincak ngahambal-hambalan
Nyorang sabar tur cobaan

Jeun teuing awakna tompér
Tuluy ngabéla ngalélér
Nepi ka nyanghulu kalér
Kanyaahna angger gégér

Omongna kawas titipan
Teu prak harita katampan
Geuning ahir mah nungkulan
Nyukang katalangsaraan

Kaduhung mah gurunggusuh
Lamun di tungtung rumahuh
Mimiti mah lungguh timpuh
Kiwari kalampat jauh

Paésan jadi kedalan
Tempat pikeun pangbalikan
Nandangan sipatna insan
Nu pinuh kanalangsaan

Hampura saujung rambut
Rumasa hirup teu nurut
Prak datang titipan maut
Bisi aya anu nungtut

Ka sakumna lalakuan
Basa di pangumbaraan
Katohyan tukang ngalawan
Di salebak nya siksaan.

#Sajawa_Syairan_FSA .

0 koméntar: