Saniskara Sastra Sunda
Pedaran dipikareueus
-
Yasana: Mama KH. Khoer Afandi. Syahadat dua bagian Kahiji Syahadat Syar’an Kadua Syahadat Munjin Kade kudu telik pisan Ta’rifna S...
-
Karya: Fahmy Sya'idan Sadayana puji kagungan Illahi Anu muhal seda tina purwadaksi Pangéran sakabéh alam nu maranti Nyanggakeun puji ...
-
Yasana: Ridwan Mubarokh Duh anjeun meni teu sangka Sikapna bet janten béda Apa anjeun atos lupa Kana jangji nu baheula Saurna moal be...
Pedaran Blog
Ngeunaan Sim Kuring
Diberdayakan oleh Blogger.
Selasa, 01 Agustus 2017
Yasana: El Waafie El Ainie
Duh angin nu ngahiliwir
Sampaikeun salam sim abdi
Ka anjeunna nu kapikir
Dina siang sareng wengi
Sakapeung mah sok ngahayal
Ngolébat dina lamunan
Naha sim abdi téh bakal
Jeung anjeunna babarengan
Jigana ukur hayalan
Nu tebih kana nyatana
Sabab ningal saréatan
Patebih dina pangkatna
Anjeunna putri kyai
Nu tangtu luhur élmuna
Abdi ukur putra jalmi
Anu kirang pangartina
Sakapeung mah sok ngarumas
Sumerah ka Nu Kawasa
Awak asa jadi hanas
Pami émut ka anjeunna
Da geuning aduh kumaha
Abdi teu gaduh pangarti
Niat hoyong ka anjeunna
Sareat moal ditampi.
#Sajawa_Syairan_Elwaafie.
Duh angin nu ngahiliwir
Sampaikeun salam sim abdi
Ka anjeunna nu kapikir
Dina siang sareng wengi
Sakapeung mah sok ngahayal
Ngolébat dina lamunan
Naha sim abdi téh bakal
Jeung anjeunna babarengan
Jigana ukur hayalan
Nu tebih kana nyatana
Sabab ningal saréatan
Patebih dina pangkatna
Anjeunna putri kyai
Nu tangtu luhur élmuna
Abdi ukur putra jalmi
Anu kirang pangartina
Sakapeung mah sok ngarumas
Sumerah ka Nu Kawasa
Awak asa jadi hanas
Pami émut ka anjeunna
Da geuning aduh kumaha
Abdi teu gaduh pangarti
Niat hoyong ka anjeunna
Sareat moal ditampi.
#Sajawa_Syairan_Elwaafie.
Jejer:
Kayas
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

0 koméntar:
Posting Komentar
Hatur nuhun!