Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Selasa, 01 Agustus 2017
Yasana: Ummah Hasna

Salam santun parawargi
Ibu, bapa, aki, nini
Pamuda sareng pamudi
Sim kuring nyuhunkeun widi

Sareng nyuhunkeun hapunten
Maksad badé ngadéndangkeun
Sawér sok mangga regepkeun
Ku sadaya darangukeun

Sawér kanggo panganténan
Nu parantos dirapalan
Calik di payun duaan
Badé mapag sosonoan

Piwuruk nu kahijina
Kanggo pangantén istrina
Hidep mulai ti ayeuna
Janten ibu rumah tangga

Masing inget kawajiban
Anu kedah dilakonan
Nurut kana paréntahan
Carogé jadi panutan

Ku sabab ridona Gusti
Rido nu jadi salaki
Bari turut sareng pasti
Aya dina hukum Gusti

Ngan mun salaki maréntah
Aya dina jalan salah
Hukum agama gagabah
Nurutna éta mah ulah

Conto nyaram nutup orat
Jeung nyaramna kana solat
Farduna sina kaliwat
Iwal nu hukumna sunat

Upami carogé dongkap
Énggal hidep geura cengkat
Sambut carogé sing hébat
Sanajan teu nyandak berkat

Mun ningal carogé hayang
Ngajak hidep kana ranjang
Wayahna ulah ngabangkang
Najan keur teu aya uang.

#Sajawa_Syairan_UH.

0 koméntar: