Pedaran dipikareueus

Diberdayakan oleh Blogger.
Selasa, 01 Agustus 2017
Yasana: Raka

Nitih wanci nu mustari
Ninggang kana ieu wanci
Abdi baris ngitung diri
Anu seueur pisan lali

Hirup asa sedih ati
Ngarumasa hirup sepi
Nu suda tina pangarti
Pamohalan tingkah ngaci

Ninggang mangsa nu sampurna
Raksa diri tina dosa
Nu hirup loba terléna
Poho urusan agama

Mun ngémut jeung ditaliti
Tanggung jawab keur lalaki
Éta beurat atos pasti
Kedah ngaraksa kluargi

Sabab lalaki pingpinan
Nu kudu bisa nyontoan
Dina widang kahadéan
Nu utama nganapkahan

Mun sanés patokan Gusti
Hirup kedah lakirabi
Abdi banget pisan wedi
Sieun ku anceman Gusti

Nyata pisan keur lalaki
Anu ngantep anak istri
Teu apal kana agami
Ukur nguruskeun matéri

Sakur hirup hayang genah
Ngalap rijki anu ceuyah
Henteu nilik lakulampah
Hayang meunang mardhotilah

Sok sanajan abdi surti
Nu hirup kirang matéri
Seueur pisan ku cocobi
Nu kadang patali lali

Lamun ieu kadar diri
Nyata atos taqdir Gusti
Abdi pasti bakal nampi
Bari iklas dina ati

Mun saréat kirang kelar
Nu kurang dina ihtiar
Mugia rijki sing lancar
Seueur berkah jeung sumibar

Ieu sya'ir mépélingan
Husus keur abdi sorangan
Anu seueur kalepatan
Dina jalan kahirupan

#Sajawa_Syairan_Raka.

0 koméntar: